Dongeng maung jeun akal


Dongeng ieu anu sok di dongengkeun ku kolot sareng guru Kuring di sakola.


Duka ti mana eta menangna anu jelas aya hikmah dina Carita ieu.


Kieu Caritana.....


Kacaritakeun, baheula aya hiji manusa, kebo Jeung maung.


Manusa siap - siap ngaluarkeun kebo bari ditungtun rek dibawa kasawah.


Tikajauhan maung melongkeun bari gogodeg ngagideg - gidekeun huluna Sabari gugurutu 

" Dasar kebo aneh daek Bae di tungtun ku manusa boga awak gede ongkoh" ceuk maung dina Jero hatena.


Sanggeus nyampe ka sawah,  kebo dipasangkeun tali dina beuheungna supaya bisa narik uluku.


Eta kebo cicing bae nalika dipasangkeun uluku teh. Atuh maung tikajauhan nempokeun bari Jeung kesel ningali kebo cicing Bae 


Geus beres masangkeun uluku eta kebo dititah leupang bari di pecutan ku manusa, tetep kebo teu ngalawan saeutik-eutik acan malah nurut Bae manehna ka manusa.


Salengkah jeung salengkah kebo lempang bari dipecutan ku manusa sabari mawa beban anu beurat nyaeta uluku.


" Huss husss" ceuk manusa bari jepret deui mecut awak kebo. Kitu Jeung Kitu bae salama nguluku.


Sanggeus rada beurang manusia eureun bari ngiuhan di saung.


Ngadeuleu manusa euweuh maung ngadeketan kebo bari ngaledek ka kebo


" Heh kebo...maneh mah goblog eleh ku manusa, di talian Jeung dipecutan malah cicing bae, boga awak gede ongkoh, eleh ku manusa, padahal manusa mah awak leutik tinggal di surudug Bae Oge ngajengkang" ceuk maung bari nyengir ngaledek.


" Hehe sia mah teu nyahoeun maung" ceuk kebo bari ngajawab nyantai.


" Teu nyaho naon kebo?" Ceuk maung panasaran.


"Teu nyahoeun lamun manusa teh boga akal" ceuk kebo deui.


" Nu kumaha akal manusa teh? Aing hayang nyaho, gede Tah leutik?" Ceuk maung panasaran.


"Ke nya lamun manusa datang deui kadieu kumaneh tanyakeun" ceuk kebo bari legut manehna nginum Cai sawah.


Teu Lila msnusa datang deui nyamperkeun kebo.


Manusa kageteun ningali didinya aya maung. Ningali manusa datang bari sieuneun tur rek balik deui gancang di gero ku maung.


" Heh manusa ulah kabur, aing Oge moal Ngakan awak sia, asal sia mere nyaho ka sing , akal sia teh nu kumaha, berem tah hideung, koneng Tah putih, gede Tah leutik", ceuk maung bari nyorocos ngomong saking panasaran.


" Moal ah aing moal ngabejakeun ka sia, lamun ku aing dibejakeun,engke maneh Ngakan awak aing" ceuk manusa ngajawab bari siap-siap rek lumpat.


" Aing jangji lamun sia ngabejakeun akal sia ka aing, sing moal Ngakan awak sia" ceuk maung tambah panasaran.


" Bohong sia mah", ceuk msanusa deui.


" Bener aing moal Ngakan awak sia, lamun teu percaya sok ayeuna aing talian ku sia, Ari dia teu percaya mah ka aing", ceuk maung bari nyodorkeun sukuna sinah ditalian.


" Embung ah, ke aing ngadeketan sia ke sia ngakan aing" ceuk manusa deui


" Moal aing janji " ceuk maung deui ngayakinkeun manusa.


" Heueuh oge Ngan aya saratna", ceuk manusa


"Naon saratna?" Ceuk maung panasaran


" Saratna lamun aing keur nalian sia, mata sia kudu perem" ceuk manusa ngajelaskeun


" Oh heu euh aing peureum". Ceuk maung bari meureumkeun Matana


Keteyep - keteyep manusa ngadeukeutan maung bari mawa tali, rek nalian maung.


Nya bener Bae eta maung cicing Bae keur di talian ku manusa teh, katingali ku kebo nu titatadi nyenghel bae bari nyerengeh kagugu kana kalakuan maung, tapi kebo repeh bae bari ngabandungan.


Teu lila maung beres ditalian, pok bae maung nanyakeun deui ka manusa


" hey manusa ayeuna aing geus ditalian Kiwari tunjukeun ka aing mana akal sia teh?"


" Ke ke ke sabar nya aing endek nyokot akal aing heula. Ceuk manusa bari lempang ninggalkeun maung.


" Geuraan nya! Aing geus teu sabar hayang nyaho akal sia" 


" Heueuh tungguan bae ku sia aing balik heula nyokot akal" 


Datang ka Imah manusa nyokot bedog seukeut terus gedok - gedok nuar kayu rek nyieun pamentung.


Sanggeus beres manehna balik deui nyamperkeun maung.


Teu lila nyampe bari ngomong " yeuh akal aing maung" bari bek - bek eta pamepeh di gebugkeun- gebugkeun kana awak maung. Atuh maung gegerungan nyerieun tur menta ampun ka manusa.


Kebo nu titatadi repeh bae ahirna seuri ngabarakatak bari nguley - nguley kaluar cimata sampe huntuna murag. 


" Tah rasakeun ku sia akal manusa teh, makana ulah sombong hirup di Dunya mah " ceuk kebo sabari seuri pinuh kapuasan.


"Heueuh kebo hampura aing geus ngahinakeun sia" ceuk maung bari ceurik.


Hikmah


1. Ulah sok ngarendahkeun batur Saha nu nyaho batur anu direndahkeun lebih hebat tibatan anu ngarendahkeun

2. Kudu jadi jalma anu pinter supaya teu di pinteran ku Batur.

3. Ulah adigung Adiguna sabab karugian bakal narajang kana awak sorangan.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Qadarullah tak bisa mengelak

Al - Insan

Lebaran