Postingan

Menampilkan postingan dari Juni, 2022
 Dongeng maung jeun akal Dongeng ieu anu sok di dongengkeun ku kolot sareng guru Kuring di sakola. Duka ti mana eta menangna anu jelas aya hikmah dina Carita ieu. Kieu Caritana..... Kacaritakeun, baheula aya hiji manusa, kebo Jeung maung. Manusa siap - siap ngaluarkeun kebo bari ditungtun rek dibawa kasawah. Tikajauhan maung melongkeun bari gogodeg ngagideg - gidekeun huluna Sabari gugurutu  " Dasar kebo aneh daek Bae di tungtun ku manusa boga awak gede ongkoh" ceuk maung dina Jero hatena. Sanggeus nyampe ka sawah,  kebo dipasangkeun tali dina beuheungna supaya bisa narik uluku. Eta kebo cicing bae nalika dipasangkeun uluku teh. Atuh maung tikajauhan nempokeun bari Jeung kesel ningali kebo cicing Bae  Geus beres masangkeun uluku eta kebo dititah leupang bari di pecutan ku manusa, tetep kebo teu ngalawan saeutik-eutik acan malah nurut Bae manehna ka manusa. Salengkah jeung salengkah kebo lempang bari dipecutan ku manusa sabari mawa beban anu beurat nyaeta uluku. " Huss hu